Assalamu'alaikum Wr.Wb
Pun Sampurasun....
Nitenan kana zaman kiwari, Muhri
kacida hawatos pisan kangge kamajuan Nonoman diwanci kapayuna, seueur pisan
kamajengan-kamajengan dina dunya teknologi aya dua cukang lantaran nyaeta tiasa
janten kasaean tiasa oge janten kaawonan gumantung jalmina nyalira kumaha
nandangan eta alat kamajuan teknologi.
Sobat SKM, Muhri bade medarkeun
sakedik pangaweruh anu mudah-mudahan janten panggugah manah panyaang hirup kangge sadaya sobat SKM. "Geura Hudang Nonoman Sunda" eta janten judul anu baris dipedar ayeuna, kumargi kukahariwangan diri Muhri nandangan zaman anu beuki kadieu beuki tebih tina akhlaq tur kahemanan manah anu dicontokeun ku Baginda Rosululloh SAW.
sakedik pangaweruh anu mudah-mudahan janten panggugah manah panyaang hirup kangge sadaya sobat SKM. "Geura Hudang Nonoman Sunda" eta janten judul anu baris dipedar ayeuna, kumargi kukahariwangan diri Muhri nandangan zaman anu beuki kadieu beuki tebih tina akhlaq tur kahemanan manah anu dicontokeun ku Baginda Rosululloh SAW.
Nonoman anu janten hiji pangait
dasar kawilujeungan bangsa tur agama islam kedah kagungan pangaweruh anu sugih
kalayan dibarengan ku akhlaq anu sampurna (Al-Karimah). tah dina kamulyaan
akhlaq eta janten dasar kadigjayaan hiji bangsa komo deui dibarengan ku
pangaweruh anu sugih tur dumasar kana atikan nu sabenerna. kade, diakhir Zaman
Nonoman kedah nyeupeung tur nalikeun pageuh-pageuh tali samping ngarah teu
morosot kahandap, nu hartosna kedah kiat sadaya elmu pikeun nandangan era
Globalisasi anu kacida seueur pisan godaana. Godaan dina wanci ayeuna sanes
bentuk peperangan atanapi pertempuran sanjata tapi perang pamikiran (Ghazwul
Fiqr) anu efek atanapi akibatna leuwih parah tinimbang pestol, leuwih seukeut
tinimbang pedang tur leuwing runcing tinimbang panah.
Sobat SKM anu ku Muhri dipika
heman, tarapti jadi Nonoman sunda kedah digiatkeun deui ngarah hirup urang teu
kacandak ku angin saliwat nu nyebabkeun kahancuran moral sareung atikan anu
salasar. perang pangemutan jadi tantangan anu kacida Akbarna pikeun kahirupan
dina wanci nu ayeuna pisan, didina janten pancen anu baris kedah dilakona
kalayan atikan dasar kataraptian tina samudaya akhlaq tingkah laku pikeun
kamajuan tur kadigjayaan bangsa katut agama urang sadayana. Insya Alloh....
Hayu Ah kasadaya Nonoman Sunda
Khususna urang raketkeun manah urang pikeun ngahontal pamaksadan Nagara, Bangsa
katut agama supados Jati Teu Kasilih Ku Junti. Islam ngalarapkeun nilai-nilai
Nonoman janten ini tolak ukur/barometer ngaronjatna kadigjayaan ini bangsa, oge
kitu deui supados pamaksadan eta tiasa kabuktoskeun curang kudu kagungan
sababaraha strategi/cara kangge kahareupna nanjerkeun prinsip hirup babakti Mao
tarapti tur jaga diakherat kening pambakti. AAMIIN Ya Robb
Haturnuhun Wargi SKM
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Sahabat, Silahkan tampilkan komentar dengan tutur kata yang sopan dan baik, komentar, kritik dan saran sangat Muhri harapkan untuk perubahan.....