Jumat, 27 September 2013

Jati Kasilih Ku Junti

Pun Sampurasun Dulur-dulur.... 

Sobat Akang Hormateun akang,aya hiji ungkapan babasan Sunda "JATI KASILIH KU JUNTI" Junti téh mangrupakeun ngaran hiji tangkal anu aya di leuweung. Rupana ampir sarua reujeung tangkal jati.

Anu ngabédakeunana mah tangkal junti leuwih leutik, reujeung tangkal junti mah henteu teuas kawas tangkal jati. Salian ti éta tangkal junti mah teu pati kaarah atau tara dimangpaatkeun sakumaha tangkal jati. Sakumaha anu dipikanyaho ku sakabéhna, anu ngaranna tangkal jati mah kacida seeur mangpaatna pikeun pangwangunan dina kahirupan jalma. Tangkal jati dimangpaatkeun kaina pikeun dijadikeun bahan wangunan saperti tihang, atawa nyieun parabot di imah anu dijieunna tina kai kayaning lomari, korsi, méja. Kai jati mah geus kawentar ku kuat reujeung teuasna. Jadi bisa miboga umur anu lila dipakéna. Kebon jati Kusabab kitu, lamun miboga tangkal jati kacida alusna pikeun ka hareupna. Tangkal jati kudu dipiara supaya dimangpaatkeun pikeun kahirupan. Ari tangkal junti mah, bisa disebutkeun kurang mangpaatna. Teu bisa dijadikeun bahan ngawangun imah-imah acan. Lamun manggihan kaayaan dimana tangkal jati geus kaéléhkeun ku tangkal junti, bisa jadi kudu ati-ati tur ngaraos sieun.artina Anu gedé mangpaatna bakal kaéléhkeun ku anu saeutik mangpaatna. Kaayaan ieu biasana mah dilarapkeun kana kaayaan ayeuna hususna di Tatar Sunda. Kaayaan di Tatar Sunda anu pakaitna reujeung budaya Sunda. Budaya Sunda anu diibaratkeun ku tangkal jati, mimiti kaéléhkeun ku budaya deungeun. Loba urang Sunda anu geus mopohokeun atawa ninggalkeun budaya Sunda ku jalan milih atawa maké budaya deungeun. Salaku urang Sunda, tangtuna ogé bakal leuwih alus reujeung payus lamun maké budaya Sunda. Katempo leuwih mangpaatna maké budaya Sunda tibatan make budaya deungeun. Tapi lain hartina budaya deungeun henteu cocog reujeung urang Sunda. Ieu mah lamun nilik kana kaayaan piraku ngaku urang Sunda anu cicing di Tatar Sunda tapi teu make budaya Sunda, akang kacida ngaraos karunya. Rasa nutumiba dina wanci nu ayeuna, akang bade medarkeun mangpirang-pirang babasan nu matak ngahelaskeun kana manah, nalika jati kagulung ku junti, babasan luasna, nyaeta urang deungeun kaelehkeun ku semah atawa urang asing. moal mungkin aya haseup lamun teu aya seuneu, kitu deui diuihkeun ka diri urang dina haliyah budaya Sunda anu teu dipalire nyukang lantarankeun Budaya asli karuhun Sunda tos disilihkeun ku budaya deungeun nu matak numibakeun leungitna Budaya asli sunda nu wening asih tur saluyu sareung islam atawa Syare'at. Jati kasilih Ku Junti, eta kalimah anu leres pisan tur pantes di tumibakeun ka Bangsa Indonesia utamina urang sunda, bangsa asing moal pati ngajajah ka urang deungeun lamun aya dina ati para Ki Sunda niat ngamumule Budaya tur nguatkeun Syare'at. diantawisna, sunda nu sopan santun tina basa moal kaancikan basa hewani, pami di ajarkeun tibubudak basa asli wening asih Sunda. didieu tugas urang salaku penerus Kader Bangsa, anu kedah ngutamikeun cinta Nusantara tur ngaraketkeun kana Budaya asli urang Indonesia, ngarah bangsa asing ngaraos ringgrang nalika urang deunguen tos mibanda kakuatan ati, kakuatan mental, fisik tur ideologi. didieu sanes wungkul tugas pamarentah, tapi tugas urang sarerea pikeun ngamumule Basa, Budaya, kaweningan daerah anu teu bertentangan sareung syare'at. kumaha atuh kang ayeuna Jati tos kasilih ku Junti, telat kangge urang ngalakonanan????.....

teu kitu oge, masih keneh aya sababaraha strategi atawa cara supaya urang tiasa nyepeng pageuh kana Warisan Ki Sunda :

1. Mumule Budaya kalayan rasa cinta tur reueus kana Budaya daerah utamina Sunda 

2. Mumule Budaya kalayan pakpakan basa anu dilakonan tina sapopoe, contona Basa Sunda. 3. Mumule Budaya kalayan partisivasi Pendidikan anu ngaleubetkeun Muatan Lokal kana kurikulum.

4. Mumule Budaya kalayan silih emutan tur silih gumajak cinta. 

5. Kitakeun dina ati tur laku lampah anu saluyu sareung budaya sli anu sae tur teu bertentangan saeung Syari'at. maka dina sabundeureun kahirupan kiatkeun basa "Jati tong kasilih ku junti, taman tong kaliung ku situ. Leungit ciri tinggal cara"

 

  ku kituna Yu sasareungan akang gumajak khusus kana diri akang oge ka wargi sadaya , kusaha deui budaya rek dimumule lamun lain kuurang nu Ngangkeun urang sunda asil ditatar Pasundan.raketkeun manah mugia Alloh nangtayungan ka urang sadayana AAMIIN.

 

 

Remaja Peduli Syi'ar Islam bakal janteun wadah Ki  Sunda nu mibanda tur ngamumule Budaya Sunda.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Sahabat, Silahkan tampilkan komentar dengan tutur kata yang sopan dan baik, komentar, kritik dan saran sangat Muhri harapkan untuk perubahan.....