Jumat, 27 September 2013

Contoh Mc Bahasa Sunda

 Pupuhu Catur Basa Sunda 



Assalamu’alaikum Wr. Wb Pun Sampurasun..... Ba’da Tahiyat Islam anu ngajantenkeun cirining urang kalebetkeun umat islam, langkung tipayun hayu urang sasarengan manjatkeun puja ka Alloh ‘ajja wajalla puji Ka Alloh nu maha suci tur syukur ka dzat Alloh nu maha Gofur wirehing kalayan idzin timantena tur kalayan hidayah inayah sareung rahmatna alhamdulillah urg tiasa kempel ngariyung bongkok ngaronyok diieu haplah mubarokah mugia haflah tiawal dugi ka
akhir janten nilai ibadah. Anu parantos maparin mangpirang-pirang kanikmatan , kanikmatan lahir katut bathin tur nu utami nikmat halawah dina kaimanan tur kaislaman ka Alloh SWT. Teu kakantun sholawat miwah salamna mugia dilimpah curahkeun kajunjunan urang sadayana anu janteun pupuhu para ambiya nyatana Habibana Karim wanabiyyana karim kangjeung Nabi Besar Muhammad SAW teu kakantun kasadaya ahlulbaitna, sohib sohabatna ka para tabi’in tabi’utna malah mandar dugi kaurang sadayana anu janten umatna mugia salalamina nyepeng pageuh kana ajaran timantena tur nyuprih kana sunah-sunahna. Hadirin hormateun sim kuring, hapunten nu kasuhun hampura nu keteuda, dina danget ayeuna simkuring kumawantun nyarios dipayuneun para wargi sadaya, sim kuring dipercanten ngaruntuykeun catur haflah dina saat nu ayeuna janten pupuhu catur dina ieu acara mugia acara ieu tikawit dugi ka akkhir aya tina panangtayungan Alloh SWT. Sateuacana simkuring ngaraos bingah tur jembar manah wireh wargi sadaya tiasa nohonan kana ieu uleman mudah-mudahan langkah tur kepat urang sadaya di lipat gandakeun janten amalan sholeh dunnya katut akheratna. Aamiin Simkuring bade medarkeun catur anu baris dilakonan dina danget ayeuna kana sababaraha hiji acara nyeta nu : 1. Bubuka 2. Sabda inti 3. Pamungkas Langsung wae, acara nu kahiji nyaeta bubuka, hayu urang buka ieu acara ku ‘aosan basmalah sasareungan “BISMILLAHIRROHMANIRROHIIM” Alhamdulillah acara parantos dibuka sasareungan, acara salajeungna nyaeta sabda inti kaislaman anu baris disanggakeun ku giring sabda kaislaman nyatana syaikhuna Almukarom alustadz......mangga disanggakeun. Haturnuhun ka almukarom giring sabda anu parantos medarkeun mangpirang-pirang pangaweruh ka urang sadayana mugia janten pibekeleun jaga boh di dunnya lewih-lewih di akheratna. Aamiin, oge kitu deui urg duakeun guru urg sdayana mugia salalamina aya tina panangtayungan ti Alloh SWT. Alhamdulillah acara tikawit dugi ka akhir parantos dilakonanan, simkuring anu janteun pupuhu catur neda pangamputen bilih aya saur nu teu kaukur, anu teu merenah kana manah nyogok kana ati, mangga urang pungkas wae ieu acara kalayan aosan hamdalah sareung do’a kifratul Majlis. wassalamu’alaikum Wr. Wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Sahabat, Silahkan tampilkan komentar dengan tutur kata yang sopan dan baik, komentar, kritik dan saran sangat Muhri harapkan untuk perubahan.....